Pancen
filsapat
Dongeng di
wewengkon cibeureum
Bogor
KI LINAN KIMINAN
SIGORA
|
Diajeungkeun
ka Dosen Filsafat Pendidikan,
DISUSUN
KU
Firman sidik
1305257
Kelas
ic
Dongeng di
Wewengkon Cibeureum Bogor.
Baheula sakitar taun 1950- 1975an jaman
abah Anam jeung bah Ali (uyut). Aya dongeng (carita sejarah) dua lalaki, dua lalaki eta ngalakonan kahirupan sesuai
jeung jamanna masing – masing.
Ieu dongeng teh turun tumurun ti jaman bah Ali, bah Anam, Bapa ,terus ka Kuring.
Sakitar taun 1950 lewat, aya dua tokoh ngaranna ki Linan jeung Kiminan,
ieu kiLinan jeung ki Minan teh duaannana tos aki- aki , cek Abah anu harita
keur leutik keneh, tinyaho dimana datangna, eta Kiminan jeung Kilinan teh geus
aya di lembur Cibeureum, jeung cenah eta
kiLinan jeung kiMinan teh anak jeung bapa, nang
teunyaho da can aya nu bisa ngabuktikan yen eta kiLinan jeung kiMinan
teh anak jeung bapa, da duanana ge tos kolot
baheula cek Abah. kilinan jeung kiminan miboga sifat welas asih ,
hususna ka masyarakat cibeureum, sok tutulung, khususna dina ngubaran, jeung
mere wejangan – wejangan anu nyalametkeun kahirupan.
Unikna, kilinan jeung kiminan ieu teh ka
golong jalma sakti, maranehna boga tutunggangan
mangrupa meong anu sok nganteurkeun ka tempat mana anu ditujunna. Salian tieta, sok ngabejaan mun memeh aya
hujan gede, angin gede jeung rupa – rupa aktifitas alam anu bakal nyilakakeun,
cenah sok mentaan beas sarau atawa sapiring leutik jeung salametan di laut kidul.
Katelah
saktina ieu oge dibuktikeun mun leuleumpangan teh ukur peureum, pek nepi
katujuannana jeung tutungganganana. Kungsi
abah anam keur ngariung jeung kolot- kolot didaerah cibeureum nyaksian,
kersedekahan “ coba menta lauk ker
tutunggangan abah hayangeun” , cek kilinan teh,. saencan dibere, tembal
bah anam, “ mana bah coba anu hayang ningal bah” ditempokeun sing horeng ngadangong gede eta
meong.....
Mayarakat lenbur cibeureum kacida
bungaheunnana jeung ngarasa ka bantu, ku ayana kiMinan jeung kiLinan.
Salian tieta dua lalaki saterasna nyaeta sigora,
mun tadimah disebutkeun kilinan bapa
jeung anak, sigora mah aka jeung adi,
sigora di caritakeun miboga sifat cicingan, tara daek ngalawan, jeung tara loba
omong, manehna imahna ge gubuk, dahar tina ladang gawe ka warga anu nitah kamanehna, naonweh
digawe, manggul suluh, jeung sajabana pagawean disawah jeung dilembur.
dihiji wanci dicaritakeun sigora teh ausen
ditengah sawah , bakating ku aus lajeung
si gora teh naek kana tangkal kalapa, da ku aus manehna teu nyaho eta tangkal
kalapa teh tangkal kalapa saha, encan kungsi jret turun, aya nyorowokkan,
“ gora turun sia gorraaa!!!!” sing
horeng eta bah saban anu boga tangkal kalapana, bari nyonyoren eta bedog,
ngadat kulantaran bah Sabanmah gede adat. Henteu parah deui bakating ku
reuwas sigora turun, nang hanjakal pas
turun sleubet bedog kana sukuna sukuna
ngampleh , leumpang bari ingkud – ingkudan , lajeung sigora lalaunan ka cai, ajaibna
sukuna diasupkeun kena eta liang cai, sukuna anu tadina ngampleh hampir pegat
lajeung rapeut deui.